Rabu, 30 September 2009

Blog aing Kumaha aing nya ....

Tetela sanggeus dikorehan mah loba geuning urang Sunda n u nge-blog teh. Basa nu dipakena rupa-rupa, aya nu make basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda, malah aya oge nu direumbeuy, tiluanana dipake.


Asa reugreug nempo kitu mah. Tetela urang Sunda teh henteu tinggaleun-tinggaleun teuing, najan tacan walatra oge. Enya da memang can kabeh urang Sunda bisa akses internet. Susuganan ka hareup mah (duka iraha!) pamarentah "mampuh jeung niat" nyadiakeun sarana katut prasarana sangkan internet bisa murah, fasilitasna teu hese, tur kahontal ku sarerea.

Najan balatak blog bogana urang Sunda, tapi rada hese rek neguhna, iwal mun geus pancakaki atawa wawanohan. Naon sababna? Da euweuh cirina atuh. Tah, ku sabab kitu, ieu mah usul ka sadaya nu maca, kumaha lamun blog urang Sunda teh urang cirian make banner leutik. Keur sementara, kuring nyieun banner ukuran 120x60 pixel, bisa disimpen dina side bar, jadi moal matak hareurin.

Ieu mah sementara we, pami aya nu langkung sae mah gentos we ku nu sae, nu penting mah aya cirina. Jadi moal hese neguh, yakin, da make ciri atawa tetengger tea.

Tapi ampun paralun, ieu teh lain rek ngagung-ngagung chauvinisme atawa sumanget kadaerahan nu heureut. Maksudna ge ieu mah manjangkeun tali mimitran di antara urang Sunda nu nge-blog di Internet. Maenya ari batur meunang reueus kana sarakan, ari urang Sunda teu meunang reueus?

Saha cenah anu meunang masang banner Blog Urang Sunda teh? Ah saha we nu ngarasa urang Sunda, nu ngarasa nyaah ka ki Sunda. Rek bisa basa Sunda, rek henteu. Rek blogna ditulis dina basa Indonesia, dina basa Inggris, komo nu make basa Sunda mah, dianjurkeun pisan.

0 komentar:

Posting Komentar

 
.